Senin, 02 Februari 2015

Tukang Pos sareung Nini

0 comments
kacaritakeun aya hiji nini nini asup ka kantor pos,ngarana Nini Yani,lansung ngadeukeutan petugas kantor pos nyaeta Mang Bewok Skuter,pinuh ku kasopanan anu teu dijieun jieun Mang Bewok nanya ka eta Nini,
Bewok : punteun ni,,aya anu tiasa di bantos ?
Nini : muhun cep,punteun nini bade meser amplop sareng perangko
Bewok : oh muhun mangga dipang meserkeun Ni ( masih keneh sopan ).
Bewok : mangga ni ieu amplop sareng peranko,manawi aya keneh anu peryogi di bantos ?
Nini : oh muhun cep,nini teu acan ngadamel isi seratna,nini bade nyeratan ka incu Kartika Cie Leunyay geus sono lami teu pendak,tiasa pang damelkeun ?
Bewok : oh mangga ni ( masih sopan ),gutrut nulis dua lembar folio bergaris pinuh naker nu di omongkeun
Bewok ; mangga Ni ieu atos rengse,manawi atuh masih aya keneh anu tiasa di bantos ?
Nini : Muhun cep,sakantenan pang nempelkeun perangkona sareng di lem amplopna
Bewok : Mangga ni...
Geus beres Bewok mikeun surat anu geus pageuh di lem
Bewok : mangga ni ayeuna mah tos rengse,,,,( bari semu keuheul )
Nini : oh punteun cep aya anu kalangkung,,,tiasa dibuka deui ?
Bewok : oh!! Mangga ( geus kaluar ambekna..pikirna ngagawekeun pisan si nini
Bewok : Naon anu kirang ni ?
Nini : punteun eta dihandap seratan tambihan ku NB: punteun cu tulisanna awon...

xixixiixixixi Mang Bewok aral cape cape pang nuliskeun teu ngeunah tungtungna tinu Nb
(oleh : heriyani)