Minggu, 08 Februari 2015

BEO PINTER

0 comments

Kiriman Dey Ashley
Mang uhe nembe uih ti jepang.. anjeuna ngagaleh beo ti jepang anu sakti pisan..eta beo pasti ngomong
" NGAWADUL " mun aya jelema nu bohong..!!
Singkat carita anjeuna tos dugi bumi.. niat bade masihan kejutan ka istri sareng anakna..
Hanyakal.. si anak can balik.. padahal gs waktuna balik sakola..
Kurunyung datang anak sore sore kaburitkeun..
Bapak:" na.. timana wae maneh jang..balik meuni burit kieu..?? Yeuh bapak boga beo sakti..!! Maneh moal bisa ngabohong jang..!!
Anak:" hallah.. teu prcaya pak ah..!! Abi mah pak.. tos krja kelompok di bumi rerencangan..!!
Celeweng eta beo ngahoar
" NGAWADUL... NGAWADUL..!!"
Bapak:" tahh siah maneh ngabohongnya..!!
sok ngomong jujur siah.. gs timana maneh wayah kieu karek balik..?? Bisi di tampiling..!!
Anak:" ti bumi rerencangan pak..tos lalajo film..!!
Bapak:" film naon...?????
Anak;" film kartun pak...!!
" NGAWADUL...NGAWADUL...!!"
Bapak:" jjeepplllakkk.. si ujang di tampiling..!!
Jujur kehed..!! Bsi di cabok deui teu eureun euren siah..!!
Anak:" film BF pak..!!
Bapak:" ari sia kehed..!! Leutik keneh gs lalajo film nu kitu..?? Gs gede deuk jadi naon maneh hah..???
Bpak mah kr saumuran maneh.. getol ngaji.. ka mesjid..
Tara.. sugan bapak lalajo film nu kitu..!!
" NGAWADUL....NGAWADUL..!!!"
Anak:" @$%%%$??
Kurunyung istri kaluar ti kamar.. risih ngadenge bapak jeung anak parasea..!!
Istri:" aya apa gening.. iraha sumping pak..?? Tong sok kitu bpak..!! tong sok ngarasa bener.. sarua.. bapak oge baheulana mah baong jang..!! cunihin..!!
Buah ragrag moal jauh ti tangkalna..!! Sanes kitu pak..?
Kitu kitu ge.. ujang teh anak bapak...!!!
Celeweng eta beo ngahoar...
" NGAWADUL...NGAWADUL..!!"
Trusss ujang teh budak saha attuh../?

Ngadadak jarempling tah kabeh kaluarga...!!